Selasa, 20 Maret 2018

Sriker Anyar Persib Si Bauman Asal ti Nagara Jauh


Striker Anyar Pangearan Biru nu jauh asalna ti Argentina ieu nyaeta Jonathan Bauman. Striker ieu di gadang-gadang jadi striker haus goal jeung tandemna si Mang Ezechiel. Persib di kurun waktu sataun terahir emang kurang pisan dina nyetak goal Buktina nu basa eta ngagoalkeun panglobana teh nyaeta si Rapael Maitimo.

Tah Kumargi kitu ayeuna Persib ngadatangkeun striker asal argentina teh supados striker persib ngagoalkeun deui sareng tiasa nyandak kana trek juara deui. Ngan bobotoh rada kecewa soal keputusan Pelatih Persib nyaeta abah Mario Gomez nyandak pemain si Bauman ieu. Naha? soalna ningali dina statistik maen bolana si bauman ieu jarang ngasupkeun bola. 

Kecewana bobotoh teh lain sabab eta wae, sabab datangna si Bauman teh jadi nyingkirkeun hiji slot pamaen asing. Nu ka coret ti Persib Slot pamaen asing nyaeta marque player tea nyaeta si amang Essien. Manehanana ka coret sabab teu aya deui pilihan ti si abah Gomez.

Mugia ku datangna si Bauman ka Persib teh nyandak persib ka trek juara deui sareng sing seueur kontribusina ka Persib... Aamiin

Tidak ada komentar:

Posting Komentar